Assalamualaikum.wr.wb
Bapa/ ibu
guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, sateuacana hayu urang
panjatkeun puji sareng sukur ka gusti Alloh nu maha Esa, anu tos masihan rohmat
sarta hidahyana ka urang sadayana. Ku kituna ayeuna urang tiasa ngumpul di
tempat ieu.
Hadirin
sadayana, Sa teu acana simkuring bade ngucapkeun nuhun ka bapa/ ibu guru anu
parantos masihan waktos ka simkuring kangge medarkeun hiji biantara anu judulna
“Pangaruh Internet Ka Rumaja”
Hadirin
Sadayana, Sateu acan simkuring mitembeyan biantara, simkuring hoyong medarkeun
watesan masalah anu bade dibacakeun, nyaeta diantara ; pangaruh internet tina
segi positif sareng tina segi negative.
Internet,
kecap anu teu asing di jaman ayeuna. Internet tiasa diakses dimana wae, cukup
modal hp anu ngabogaan koneksi internet atawa cukup ku ngamodal duit sabaraha
rebu perak, ayeuna mah ampir di unggal juru jalan, rek di kota atanapi di desa,
ayeuna mah geus loba warung anu ngajual jasa internet atawa anu mana sok
disebut “warnet”.
Seueur elmu
anu aya di internet nu bisa ku urang dicokot. Sagala informasi naon wae anu aya
di internet, informasi eta bisa dicandak kalayan gampang sagampang urang
ngabalikeun talapak panangan sareng ngicepkeun soca. Terus naon hubunganna
jeung siswa ? tangtu pohara seueurna hubungannana internet di jaman kiwari
jeung siswa, sabab siswa heunteu luput tina anu namina informasi sareng elmu.
Internet teh nyaeta media anu pang efektifna sarta gampang diakses dimana wae
jeung kusaha wae. Sanajan teu bisa dipungkir yen ayeuna kabebasan ieu teh bisa
oge disalah gunakeun jeung salah dina narepkeunana. seueur pisan
fasilitas internet minangka sarana kriminalitas atanapi asusila.
Rea pisan
hal-hal negatif tina internet, salah sahiji contona nyaeta :
Pikeun anu
kakara mikawanoh kana internet nyaeta bisa ngabuka situs – situs, gambar –
gambar, atawa video – video anu teu sawajarna
Kacanduan
gim online nepikeun ka poho kana sagala
Bisa katipu
tina iklan – iklan di internet
Tapi aya oge
segi positifna :
Siswa bisa
neangan informasi anu luwes mun dibanding ngan saukur diuk cicing ngaregepkeun
guru nerangkeun
Bisa nambah
rerencangan dina jejaring social, jsb
Rumaja
nyaeta makhluk anu rentan kanu parobahan di sakurilingna. Rumaja biasana sok
nurutkeun anu dominan anu aya disakurilingna. Mangka ti eta alusna lamun urang
bisa bijak ngagunakaeun internet keur kamajuan diri sarta pribadi urang
sorangan.
Sakitu wae
biantara ti simkuring, hatur nuhun atos merhatikeun, akhirul kecap.
Wassalamualaikum
wr.wb
Why You Should Never Make A Casino Account In Las Vegas
BalasHapusHow 안양 출장샵 to make 상주 출장샵 a real money gambling career · Know When 정읍 출장안마 to Stop Before You Start 이천 출장마사지 · Find Out What Your 안양 출장안마 Betting Strategy Will Cost · Know When to Stop Before